Harti Kecap Sunda taya karingrang
B. Daerah
Inu1111
Pertanyaan
Harti Kecap Sunda taya karingrang
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Karingrang asal kecapna tina ringrang. Ringrang hartina sarua jeung hariwang, sieun, paur atawa melang. Karingrang hartina sarua oge jeung ringrang, nyaeta hariwang, kasieun atawa hawatir. Kecap karingrang aya dina kawih anu geus dipikawanoh nyaeta kawih anu judulna Mojang Priangan. Kecap karingrang ayana dina padalisan kadua dina pada kahiji dina eta kawih Mojang Priangan, saperti aya di handap ieu:
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan
Dina kawih eta Mojang Priangan ditunjukkeun yen mojang priangan teh leumpangna ngagandeuang, nyaeta leumpangna biasa jalma anu henteu miboga rasa hariwang atawa karingrang.