B. Daerah

Pertanyaan

tilawih kawih sunda, eusi kawihna ngenaan naon (mojang priangan)
jwb cpt

1 Jawaban

  • Eusi kawih Mojang Priangan nyaeta ngeunaan kageulisan mojang anu asalna ti daerah Priangan atawa sabagian daerah Sunda. Dina nilik eusi rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun nyaeta unsur jejer atawa tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amana.  

    Umpama nilik kana unsur unsur nu disebutkeun eta, anu ditanya dina pananya di luhur teh nyaeta jejer atawa tema tina kawih Mojang Priangan. Kecap "ngeunaan" dina pananya di luhur teh nunjukkeun yen anu ditanya teh nyaeta jejer atawa tema tina kawih Mojang Prinagan.

    Pembahasan

    Lagu Mojang Priangan teh dina lalaguan Sunda kaasup kana jenis lagu Sunda kawih. Aya sawatara lalaguan Sunda nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang teh kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi.

    Kawih jeung kawih kaasup kana wangun puisi nu henteu kauger atawa kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang kaasup kana wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Sanajan kawih teu kaiket ku aturan, saperti disebutkeun di luhur, dina kawih aya sawatara unsur nu bisa digunakeun dina nilik atawa nganalisa eusi kawih.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Contoh kawih https://brainly.co.id/tugas/433806
    • Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    • Kawih, kakawihan jeung tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Kawih

    Bab : 1

    Kode : 8.13.1

    Kata Kunci : Eusi kawih Mojang Priangan

Pertanyaan Lainnya