B. Daerah

Pertanyaan

naon hartina ngagenyas

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Dina basa Sunda, kecap "ngagenyas" disebut "kecap pikeun nuduhkeun sifat atawa kaayaan". Kecap ngagenyas biasa digunakeun pikeun nuduhkeun sifat atawa kaayaan, nyaeta "herang ngagenyas". Herang ngagenyas hartina nyaeta sarua jeung herang pisan, saperti "cai herang ngagenyas". Conto kecap lianna anu digunakeun pikeun nuduhkeun sifat atawa kaayaan nyaeta saperti poek mongkleng, caang ngebrak, kandel kedeplik, ipis nyempring, jeung sajabana ti eta.

    Salian ti kecap pikeun nuduhkeun sifat atawa kaayaan, aya oge kecap pikeun nuduhkeun warna jeung kecap pikeun nuduhkeun rasa. Conto kecap-kecap pikeun nuduhkeun warna nyaeta saperti beureum euceuy, bodas nyacas, hejo ngagedod, hideung cakeutreuk, koneng umyang, jeung sajabana ti eta. Sedengkeun conto kecap-kecap pikeun nuduhkeun rasa nyaeta saperti amis kareueut, lada newewet, panas nerengtep, seungit melenghir, jeng sajabana ti eta.

Pertanyaan Lainnya