Nyaritakeun tentang naon Dina amparan sajadah
B. Daerah
AlfiFatimah
Pertanyaan
Nyaritakeun tentang naon Dina amparan sajadah
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kawih Dina Amparan Sajadah teh nyaritakeun jalma anu mundut pangampura ka Gusti Allah, jalma anu ngarasa pasrah sabab lamokot ku dosa, taya deui panglumpatan jeung pamuntangan mung ka Gusti Allah. Umpama nilik kana eusina, kawih Dina Amparan Sajadah bisa oge disebut pupujian.
Kawih jeung pupujian teh umpama ditilik tina rumpakana sarua mangrupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung pupujian mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, saperti sajak jeung mantra. Sedengkeun wangun puisi anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan anu kaiket ku aturan pupuh.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : XI (2 SMA)
Kata Kunci : Kawih, pupujian, dina amparan sajadah