Nyaritakeun naon lagu amparan sajadah
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Lagu Dina Amparan Sajadah teh nyaritakeun jalma nu keur mundut pangampura, sabab rumasa diri anu lomokot ku dosa. Judul lagu anu ditanyakeun teh anu bener nyaeta "Dina Amparan Sajadah". Lagu Dina Amparan Sajadah kaasup kana lalaguan Sunda anu disebut kawih. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang
Pembahasan
Umpama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang teh kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nayaeta aturan pupuh.
Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Jadi bisa disebut oge yen kawih jeung kakawihan mah henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu. Sanajan kawih teh henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih.
Unsur-unsur nu aya dina rumpaka kawih nyaeta jejer atawa tema, nada jeung suasana, rasa, jeung amanat. Amanat nyaeta poko pasualan an hayang ditepikeun ku anu ngarang kawih. Jadi, pikeun mikanyaho naon anu dicaritakeun ku hiji kawih, bisa ditilik unsur amanat nu aya dina eta kawih. Amanat nu aya dina kawih Dina Amparan Sajadah nyaeta jalma anu lomokot ku dosa teh teu aya lain salian ti kudu mundut pangampura ka Gusti Allah.
Pelajari lebih lanjut
- Contoh kawih https://brainly.co.id/tugas/433806
- Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
- Kawih, kakawihan jeung tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910
__________
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda - Kawih
Bab : 1
Kode : 11.13.1
Kata Kunci : Kawih, dina amparan sajadah