B. Daerah

Pertanyaan

wawangsalan beker,seoatu,kejo,korma,dan ucing

1 Jawaban

  • Wawangsalan nyaeta salah sahiji rupa tina sisindiran. Sedengkeun sisindiran teh mangrupa wangun puisi Sunda. Upama dina sastra Indonesia mah sisindiran teh sarua jeung pantun. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Dina unggal sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung bagen eusi.  

    Pembahasan

    Ditilik tina eusi atawa maksudna aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, silih asih jeung sesebred. Dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada rarakitan atawa paparikan aya opat padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang.  

    Dina sisindiran mah antar padalisan teh miboga purwakanti. Purwakanti antar padalisan dina rarakitan jeung paparikan bisa katilik jelas, sedengkeun purwakanti antar padalisan dina wawangsalan henteu sacara langsung bisa kaciri.

    Cara nilik purwakanti antar padalisan dina wawangsalan nyaeta yen harti padalisan kahiji murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua. Di handap ieu nyaeta conto wawangsalan nu wangsalna beker, sapatu, kejo, korma jeung ucing:  

    Wangsalna beker

    Jam leutik dina meja

    sing rajin ambeh pinter (wangsalna beker)

    Wangsalna sapatu

    Dipakena dina suku

    ka minantu kudu nyaah (wangsalna sapatu)

    Wangsalna kejo

    Disebut bilatung dulang

    tong sok api teu katenjo (wangsalna kejo)

    Wangsalna korma

    Buah nu loba di Arab

    kuring resep ka neng Norma  (wangsalna korma)

    Wangsalna ucing

    Sok disebut maung leutik

    kuring geus teu ngeunah cicing  (wangsalna ucing)

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

Pertanyaan Lainnya