ari dimaksud Rajekan Titiron Nyaeta.... sama sebutin Conto Nyh juga
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kecap rajekan titiron nyaeta kecap anu siga kecap rajekan tapi sabenerna mah lain kecap rajekan. Kecap rajekan titiron sarua hartina jeung kecap rajekan semu. Conto kecap rajekan titiron nyaeta saperti tetenong. Conto kalimahna "Pun biang ngawadahan rencang sangu kana tetenong".
Pembahasan
Kecap rajekan nyaeta kecap anu dirajek atawa anu disebut dua atawa tilu kali boh engangna boh wangun dasarna. Salian ti dirajek boh engangna boh wangun dasarna, aya oge kecap rajekan anu ditambahan ku rarangken, boh ditambahan ku rarangken hareup boh ditambahan ku rarangken tukang.
Kecap tetenong teu kaasup kecap rajekan sabab kecap tetenong mah henteu miboga kecap asalna. Kusabab kitu kecap tetenong disebut kecap rajekan titiron. Aya sawatara rupa kecap rajekan nyaeta anu disebut Kecap Rajekan Dwi lingga, Kecap Rajekan Dwi purwa, Kecap Rajekan Dwi madya jeung Kecap Rajekan Tri lingga.
Pelajari lebih lanjut
- Naon anu dimaksud kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/13598682
- Conto kalimah tina kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/948238
- Kecap rajekan nu merenah dina kalimah https://brainly.co.id/tugas/16619360
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Kecap rajekan titiron