Tolong yang bisa bahasa sunda buatin pidato dengan tema MPLS menggunakan bahasa sunda, tolong ya jawab yang bener jangan cuma mau poin nya doang terimakasih
B. Indonesia
Felicitasp
Pertanyaan
Tolong yang bisa bahasa sunda buatin pidato dengan tema MPLS menggunakan bahasa sunda, tolong ya jawab yang bener jangan cuma mau poin nya doang terimakasih
1 Jawaban
-
1. Jawaban Djitoe
Assalamu’alaikum Wr.Wb Langkung tipayun mangga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah Swt nu parantos maparin nikmat ka urang sadayana sahingga urang sadayana tiasa kempel dina tempat ieu dina kaayaan sehat wal’afiat, teu hilap shalawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad Saw, ka para kulawargina,ka para sohabatna, sareng ka urang sadayana salaku umat anjeuna. Dina kasempetan ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan “Wajib Diajar Pendidikan Dasar”. Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar salapan taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan ku kayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara teh nyaeta sangkan warga nagara palinter. Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter. Lamun masarakat Indonesia barodo, bangsa Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen jeung bakal kalindes ku kamajuan jaman. Sakitu nu kapihatur mugia aya manfaatna khususna kanggo simkuring umumna kanggo urang sadayana, hapunten bilih aya kalepatan sareng kakirangan kumargi simkuring masih dina tahap diajar. Wabillahi taufik wal hidayah Wassalamu’alaikum Wr.Wb